VOOZH about

URL: https://su.wikipedia.org/wiki/Luksemburg

⇱ Luksemburg - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Lompat ke isi
Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Grand-Duché de Luxembourg
Großherzogtum Luxemburg
Groussherzogtum Lëtzebuerg
👁 Bandéra Kadipatén Luksemburg
Motto
Mir wëlle bleiwe wat mir sinn
(Luxemburg: "Kuring hayang tetep aya di mana kuring ayeuna")
Lagu
Ons Heemecht
👁 Location of Kadipatén Luksemburg
Location of Kadipatén Luksemburg
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Kota Luxemburg
Basa resmi Perancis, Jérman, Luxemburg1
Pamaréntah Kadipatén Ageung
- Adipati Adipati Henri
- Perdana Menteri Luc Frieden
Kamerdékaan
- Ti Kakaisaran Perancis 9 Juni 1815
- Traktat London Kahiji 19 April 1839
- Traktat London Kadua 11 Méi 1867
- Ahir Uni pribados 23 Nopémber 1890
Aréa
- Total 2.586km²(167)
mil²
- Cai(%) bisa teu dipadulikeun
Populasi
- Perkiraan 2011 511.840(169)
- Sénsus2001 439.539
GDP(PPP) Perkiraan2005
- Total US$28,91 miliar(94)
- Per kapita US$87.955(1)
Mata uang Euro 2 (EUR)
Zona wanci (UTC+1)
- Usum panas(DST) (UTC+2)
TLD Internét .lu
Kode telepon +352
1. Basa Luksemburg mangrupa basa de jure ti 1984.
2. Mata uang saméméh 1999 nyaéta Franc Luksemburg.

Luksemburg, atawa resmina Kadipatén Ageung Luksemburg (Basa Prancis: Grand-Duché de Luxembourg, Basa Jérman: Großherzogtum Luxemburg, basa Luksemburg: Groussherzogtum Lëtzebuerg) mangrupa hiji nagara nu teu boga wates laut nu aya di Éropa bagian kulon-kalér, tepung wates jeung Perancis (73km), Jérman (138km), jeung Bélgia (148km).

Géografi

[édit | édit sumber]
👁 Image
Peta Luksemburg

Luxemburg mangrupa salah sahiji nagara pangleutikna di Éropa. Nagara ieu aya dina tingkat ka-167 dina daptar nagara dumasar kana legana. Nagara ieu legana kira-kira 2.586km². Di kalér, bagian-bagian ti Ardennes, raloba pasir jeung gunung kalawan luhurna nu handap. Buurgplaatz mangrupa titik pangluhurna dina 559 m.

Wates wétan Luksemburg diwangun ku tilu walungan, Moselle, Sauer/Sûre, jeung Our.

👁 Image
Artikel utama: Basa Luksemburg.

Kaayaan basa di Luxemburg dicirian ku praktik jeung pangakuan kana tilu basa resmi: basa Perancis, basa Jérman, jeung basa Luxemburg, hiji basa Franconi ti wewengkon Moselle nu mirip jeung basa Jérman.

Kira-kira 10% padumukna mangrupa séké-sélér Portugis jeung nyaturkeun basa Portugis.

87% padumuk Luksemburg pangagem Katolik Roma jeung 13% mangrupa Protéstan, Yahudi, jeung Islam.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons memiliki media mengenai Luksemburg.

👁 Image
Tempo ogé Luksemburg di Wikivoyage








👁 Image
Artikel ngeunaan géografi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.